Lirik-lirik Lagu Seni Gondang Kabupaten Pangandaran
Tiga Lirik Lagu Seni Gondang di Kabupaten Pangandaran
“MULUNG KADU”
Mulung kadu lagrag nangka
Tampian urang muara
Pare ayeuh – pare ayeuh di Suaiken
Turun cadu lagrag sapa
Lakian urang ngumbara
Gede reneuh di tinggalkeun
“NUTU PARE”
Nutu naon eta nutu pare
Pare naon iyeu pare bereum
Pare berem, pare berem jalawara
Ki panganten ka masigit balik deui 2x
Ki panganten di tanya teu bisa sadat 2x
Ki panganten di tanya teu boga iman
“PARE BEREUM”
Pare berem tigayanti
Ayun ambing rawas-rawas kahujanan
Kayi santri angkat ngaji
Ayun ambing rawas-rawas ka edanan
Sumber: Ibu Eyem, Ibu Arsiti, dkk (selaku pemain Seni Gondang)
Penulis: Badrussalam
Comments
Post a Comment