Pupuh Sunda Seni Karawitan Kampus ISBI Bandung
Kumpulan Lirik Pupuh Sunda Jawa Barat Ketika Belajar di Kampus Seni ISBI Bandung
Asmarandana
Laras: Saléndro
Taméng dada iyeu aing
Nunjuk diri kumawasa
Sagalana embung éléh
Nyarita ngoncrang capétan
Sok asal kacumponan
Teu ka batur teu ka dulur asal ngeunah
Keur sorangan.
Gurisa
Laras :
Saléndro
Surupan : 1=1
Embat :
Irama Merdika
Mun pareng harta ngaleuya
Rek ulin ka Amerika
Gunta-ganti kendaraan
Tapi moal meli sedan
Rek meli kapal udara
Ngarah ngangkleung luhur mega
Kendaraan jalan raya
Teu lancar macet kacida.
Kinanti
Laras :
Saléndro
Gamelan ngeprung na panggung
Daria mirig nu ngibing
Nayaga silih éngklokan
Senggak réang silih genti
Tukang kendang tapis pisan
Méré embat juru kawih.
Sinom
Laras :
Madenda
Wuwuh béntang panyileukan
Nu nyéngcélak diwiyati
Kucap kicep dinu anggang
Ukur karampa ku ati
Malesan ku kasurti dumukna da puguh
jauh
Teu kahontal teu kadongdang
Lanjang linjing teu ka tepi
Rék di dongdon kalakah teu kebat
lampah.
Dangdanggula
Laras :
Pélog
Layung hibar, ruhruy mulas langit
Wanci berang sinangling rék ilang
Mawa betah pasosoré
Ngalayung sisi gunung
Pilemburan katémbong asri
Tegal ancal-ancalan
Tingrung gunuk lembur
Panyawang blung-blang tur lénglang
pulas méga
Ngorotan nguru kaburit ka singlar,
Ku sarepna.
*keterangan
Tulisan huruf bila ada tanda (é), maka
di baca “e”. Sementara, apabila hanya huruf (e) saja di baca “eu” biasa. Dan
apabila dalam satu kata terdapat (eu) maka dibacanya “euu” seolah-olah
pelafalan huruf ‘u’ nya ada dua.
Lirik: Belajar
17 Pupuh dari (Dosen Jurusan Karawitan) di STSI-ISBI Bandung
©2014-2020

Comments
Post a Comment